Caritana dina Hiji Kapal laut...
aya budak tisoledat, gejebur ka laut mangkaning teu bisaeun ngojay....
kabeh nu aya dina kapal laut eta euweuh nu bisaeun ngojay deuih...
teu kungsi lila...
GEJEBURRR.....
Aya aki-aki luncat ka laut bari kokojayan nangkeup budak tea...
"buru alungkeun tali...!!!" ceuk penumpang nu sejenna...
lung tali tambang dialungkeun... kerewek ku si aki ditalikeun ka manehna jeung budak..
ku penumpang sejenna tambang eta ditarik nepika hanjat deui si aki teh...
kabeh penumpang muji kana wawanen si aki...
"hebat ki...", "wah bagus ki...", " nuhun ki... mun teu aya aki... moal salamet meureun budak teh"
kabeh penumpang teh muji teu eureun-eureun...
Naaaa atuh dipuji kitu teh lain bungah lain bagja si aki teh...
bari ngagebes...
"HALING-HALING...!!! HEBAT... HEBAT... TUJUH MULUD...!!!
TADI SAHA NU NYUNTRUNGKEUN AING....????!!!!!!"
(sumber: KANG IBING)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
1 komentar:
hatur nuhun kang ...
bilih peryogi mp3 kang Ibing nu sanesna, cobi pilari di : http://lubuan.blogspot.com/search/label/Kang%20ibing
*heuheuheu ... promosi blog*
Posting Komentar