Punten yeuh ngiring ngaramekeun, ngiring ngomentaran tina hal ngagunakeun e curek sareng e biasa nya. Upami yeu lepat mah kapungkur jaman sateuacan Ejaan Bahasa Indonesia yang Disempurnakeun diumukeun sareng dimasyarakatkeun ku balai bahasa indonesia, kantos diajarkeun ka murangkalih sd teh perkawis vokal dina bahasa sunda. nyaeta, a, i, u, e, o, eu sareng e curek. E curek sapertos dina pepet, sareng, sareng sajabina. Saparantos Ejaan Bahasa Indonesia dimasyarakakeun bet pet wae geuning e curek teh kasilih warni tara dianggo, dianggapna jadi e tanpa rarangken alias polos. Naha ngilesna e pepet teh kaimbas ku pangaruh parubahan ngagunakeun ejaan bahasa indonesia anu disampurnakeun, atanapi kumargi paranti ngetik /nyetak huruf-ejaannana tos teu di lengkepan ku e curek?. Da sakaingeut simkuring mah nepi kaayeuna teu aya bewara ngeunaan parubahan abjad bahasa sunda anu disampurnakeun.. kumargi teu aya lambaga anu ngahaja ngaropea bahasa sunda ? (eh muhun kitu teu acan aya lambaga bahasa sunda?)
Allia
Rabu, 03 Desember 2008
e Sareng eu 1
Sim kuring teh teu patos paos naha benten antawis é ( curek) sareng ? (pepet) margi upami urang maca buku bet aya tilu golongan nu nganggo :
1. Dina buku Maher Basa Sunda kenging Saderek Drs Tatang Sumarsono (penerbit Geger Sunten taun 1996) é dianggo sapertos dina kecap maher, kusen, kade, keneh, maneh. Dina buku Mirah Dalima (kumpulan carpon Kis WS) penerbit Girimukti Pasaka taun 1992, vonem é sami sareng dina buku Maher Basa Sunda, kitu oge dina buku Kamus Istilah Populer Basa Sunda/Drs A.Marzuki saparakanca penerbit Rahmat Cijulang taun 1990. Dina eta buku vonem e sapertos dina kecap sareng, dedemit teu nganggo rarangken nanaon.
2. Dina buku Kanjut Kundang (kumpulan prosa, puisi Sunda) Ayip Rosidi/Rusman Sutiasumarga penerbit Balai Pustaka taun 1963(?) dianggo sapertos dina kecap kulem, catet, pangandeg, jero. Dina buku Pantun Mundinglaya Di Kusumah (dikumpulkeun ku Ayip Rosidi/ dipantunkeun ku Ki Atjeng Tamadipura) penerbit P dan K taun 1986, sami sareng dina buku Kanjut Kundang, sapertos dina kecap jenengan, bener, celegedeg, Kitu oge dina buku Wawacan Purnama Alam Jilid 1 (kenging R Soeriadiredja) penerbit Balai Pustaka taun 1956 Vonem e sapertos dina kecap bebene, tereh, pasantren, henteu nganggo rarangken nanaon.
3. Vonem é sareng ? sama sakali teu dianggo, cobi geura aos buku Sawidak Carita Pondok (penerbit Rahmat Cijulang taun 1986 ), Wawacan Rengganis (penerbit P dan K taun 1979 ), Buku Kumpulan Carpon Halimun Peuting/ Iskandar Wasid (penerbit Rahmat Cijulang taun 1989).
Anu kedah janten imeutaneun urang sadayana kahade ulah pacorok nempatkeun e (pepet/ curek) sareng eu
Euweuh = teu aya, kosong
Leuwih = loba teuing, meunang (dina babandingan)
Didieu = nuduhkeun patempatan nu perenahna deukeut
Henteu = teu
Dinten = poe
Cenah = omongna
Edan =gelo tur ngabahayakeun batur,
Leret = reret (?), nenjo ka gigir saeutik, nenjo ku juru panon
Edas = sesebutan keur nu rada kaleuleuwihi, rada mahiwal
MSasmita

Undak Usuk Basa I
Kang, abdi mah ah tara ngawadul kakapeungan dupi akang?
Yi tong sok ngawadul ah pamali bisi kumaonam.. ma oonam mah pan galak.... tong nurutan si akang ano osok .........?
Dupi kang rezanove parantos tuang teu acan nya, aduh allia mah lapar kang hoyong neda. Upami akang parantos tuangna sesana urang parabkeun bae ka [guguk] nya kang. Eta [guguk] ngalebok naon tah? Eh karah kuda teh nyatuan huut. Ari hayam di handapeun kembang rose macokan naon tuh?.
Jang Bapak lapar yeuh cing pangngalakeun heula jengkol, urang dahar jeung sambel suuk dicoel ku jengkol ngora geura moal teu nikmat.
Aing mah geus dahar euy, tadi. Pek we keur maneh kabeh.
Heu heu sukur atuh ari kitumah.. uing lapar pisan lantaran. Keun rek didahar kabeh ah. (tambarakannya?)
Ee aya ua geuning parantos lami wa, iraha datang ?
allia! peletrak kana sirah aya anu nyasar nyut nyut sirah karasa enyut-enyutan bakating ku nyeri. Eta ka ua sing bener nyarita teh uu (uyut) bari ti popolotot nyarios. Hik hik hik ua parantos lami, iraha sumping.... ?
Geus lila nyi ua datang the tadi jam sapuluh meureun....
Euleuh euleuh aya Neng allia geuning iraha sumping...
Ne (nini) tadi jam sapuluhan dongkap teh.. , nene kumaha damang. Heu heu kunaon ieu nene ka allia nyapa make iraha sumping nya?
Ieu nene teh sabenerna tatangga allia rencangna (pembantu) uu. Allia mandang ka nene lantaran yuswa.. nenek ngarasa allia buyut juragannana jadi ngagunakeun kecap sumping.
Tapi jawaban allia ka panyawah aki allia anu masih ngora mah.Tadi jang , kumaha cageur?
(pabaliutnya ?).
Allia iraha datang, mawa naon yeuh ? Teteh nanya ka allia.
Teu ngabantun nanaon Teh mung ieu we iteuk sabebed kanggo nakolan teteh.
Kasimpulannana, kasar heunteuna hiji ucapan teh gumantung ka saha anu disanghareupan ku urang, suasana paguneman, jeung waktuna nya. Ngabahaasakeun keur sorangan jeung anu lian aya bedana saperti bahasa anu digunakeun keur panyawah jeung keur ka juragan, keur kababaturan satingkat lainnya.. Conto lainna sapaerti uing jeung dewek . garihal pisan nya (katinggalna kasar pisan) tapi ari di pake ku sobat mah eta teh nunjukeun hiji hubungan anu kajida dalitna. Tapi lamun allia make aing jeung manehkomo sia mah ka kang rezanove aduuuh panginten peureup kang rezanoc langsung buleud heu heu heu. Terus lamun allia ka panyawah tiba-tiba jang irahasumping,,,, si ujang sok balaham belehem tuh.....Jadi wadul ari ngabahasakeun keur allia soranganamah.... kumaha nya jadina?
Undak Usuk Basa 2
( Nyuplik tina buku Babaran Undak Usuk Basa Sunda
RHI Buldan Djayawiguna
Penerbit Tarate Bandung citakan kadua taun 1986. )
(di serat ulang ku : M Sasmita)
A
abus, asup-lebet.
kuring abus (asup) ka imah - abdi lebet ka rorompok - Bapa lebet ka bumi.
acan, tacan, encan - teu acan
kuring acan dahar - abdi teu acan neda - Bapa teu acan tuang.
acan, anu teu kudu dilemeskeun.
kuring teu boga anak hiji-hiji acan - abdi teu gaduh anak hiji-hiji acan -
Bapa Anu teu kagungan(eun) putra hiji-hiji acan
adi- rai atawa rayi
adi kuring- pun adi ( adi abdi)- tuang rai atawa tuang rayi (rai/rayi Bapa).
tuang rayi bisa oge hartina geureuha anjeuna.
adu, ngadu - ngaben
ngadu domba/kuda/hayam - ngaben kuda/domba/hayam
pangaduan - pangabenan.
aing (basa cohag), dewek - kuring-jisim kuring-abdi-jisim abdi.
ais,ngais- ngemban
kuring/abdi ngais budak- Ibu ngemban murangkalih
ngemban timbalan = ngajalankeun tugas/ parentah.
ajang, keur - kanggo
ajang kuring = keur kuring - kanggo abdi - haturan Bapa.
ajar, ngajar
kuring ngajar ngitung - abdi ngajar ngetang - Bapa ngawulang ngetang
kuring nagajar ngaji= abdi ngajar ngaji - Bapa ngawuruk ngaos.
aji, ngaji
kuring ngaji, abdi ngaji, Bapa ngaos.
akang - engkang
Akang rek indit, Engkang bade angkat..?
upama dina alamat : Kahatur jeng Raka atawa upama rada loma Kahatur Kang
Raka.
aki, eyang - aki kuring, aki abdi - tuang Eyang.
aku, ngaku - ngangken
ngaku baraya, ngangken wargi.
ali, cingcin atawa lelepen,
kuring/abdi make ali, Bapa nganggo lelepen.
alo
alo kuring - pun alo - kapi putra Bapa atawa biasana mah sok disebut tuang
putra.
alus - sae
imah alus, rorompok sae - bumi sae.
ambeh- supaya - supados.
ambek - bendu atawa sewot - wera ( lemes pisan)
ulah ambek/ ngambek - mugi teu janten bendu - kangjeng Raja nuju wera.
ambeu, ngambeu - ambung, ngambung
diambeuan - diambung atawa diambungan, diambung bisa oge hartina dicium.
amit atawa amitan - pamit - permios
amit/ pamit rek balik - permios bade wangsul
anak - pecil atawa seuweu - putra
anak kuring- pun anak - pecil atawa seuweu pun adi - tuang putra.
pianakan - wewetengan ( ulah piputraan)
anggap, nganggap, ngaku - ngangken.
(kintunan ti : Allia)

Undak Usuk Basa
RINGKESNA
UNDAK USUK BASA SUNDA.
Jaman ayeuna undak usuk basa Sunda teh aya 5 panta :
1. Basa Cohag atawa Basa Kasar Pisan. Dipakena ka sato, atawa ka jalma dina urang keur ambek, saperti Cokor sia, bangus [guguk], lebok ku sia..!
2. Basa Wajar atawa Basa Loma. Jaman beh ditu sok disebut Basa Kasar. Dipakena ka babaturan nu geus loma. Di kalanagan rayat (pilemburan ?MS) mah ka indung bapa, ka dulur saluhureun jste oge nu dipake teh basa loma bae.
Contona :
Kumaha dulur maneh (silaing) teh geus cageur..?
Manggih naon Kang, peuting tadi di panglalajoan teh?
Rek ka mana Ma? Kuring milu.
3. Basa Panengah. Dipakena ka sahandapeun, tapi teu werat make basa loma, lantaran aya ajeneunana. Lantaran kecap-kecap basa panengah teu pati loba, biasana sok dicampur ku basa loma jeung ku basa lemes. Lentongna sedeng bae, teu cara make basa lemes ka saluhureun.
Contona :
Engke bae mulang teh, mang, ngarah iuh.
Pek geura dalahar kadinyah!
Bisi rek sambeang di ditu tuh..!
Cing nyuhunkeun cai, Bi. Ari ieu cau kenging sarupia..? (di warung).
4. Basa Sedeng,nyaeta basa lemes keur awak sorangan jeung keur ka nu satahap jeung urang.
Contona :
Abdi dongkap teh teu ngabantun naon-naon, gaduh artos oge mung saongkoseun
Pun adi udur, teu daekeun neda-neda acan.
Dina taya basa sedengna, nu dipake teh basa wajar bae, saperti :
Waktos abdi labuh, leungeun abdi misalah. (ulah make kecap geubis jeung panangan)
5. Basa Lemes. Dipakena ka saluhureun, ka nu tacan loma atawa tacan wawuh jeung pikeun nyaritakeun saluhureun.
Contona :
Waktos Bapa Kapala geubis, pananganana misalah.
Wartosna tuang rama bade angkat ka Mekah, bade sareng tuang ibu ?
Basa lemes keur budak, saperti uih, eueut, ibak jste teu pantes dipake ku jalma dewasa ka anu dewasa deui.

GUGURITAN…..
Kecap Gurit asal tina basa Sangsekerta GRATH anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing.
Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda.
Istilahna :
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu.(dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)
1. Asmarandana, watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona :
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal i / E-ling-e-ling-
ma-sing-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )
2. Balakbak, watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona :
Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e).
3. Dangdanggula, watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )
4. Jurudemung, watekna kaduhung, atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona :
Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )
5. Durma, watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona :
Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )
6. Gambuh, watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona :
Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )
7. Gurisa, watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan Padalisan.
Contona :
Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang (8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a)
8. Kinanti, watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep Padalisan.
Contona :
kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )
9.Ladrang, watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat Padalisan.
Contona :
Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )
10. Lambang, watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat Padalisan.
Contona :
Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )
11. Magatru, watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima Padalisan.
Contona :
Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )
12. Maskumambang, watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat Padalisan.
Contona :
Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )
13. Mijil, watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep Padalisan
Contona :
Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )
14. Pangkur, watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
Contona :
Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati "( 8 - i )
15. Pucung, watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Contona :
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )
16. Sinom, watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Contona :
Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )
17. Wirangrong, watekna era atawa wirang.

Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )
Rengse diserat 17 rupi guguritan dina basasunda mangga nyanggakeun. Bilih aya nu peryogi Rajah bubuka tina pantun Ciung Wanara, engke kapayun urang seratkeun.
( dicutat tina Ulikan Sastra karangan DrsTaufik Faturohman )

Dongeng Kang IBING 2
di hiji leuweung, sasatoan keur kumpul ngariung pa-agul2 loba anak...
marmot "urang mah sakali anakan teh 8-9"
oray "urang mah sakali ngendog bisa nepika 30!"
kutu "urang mah komo! bisa nepika saratus...!!!"
kabeh ngalieuk ka maung nu cicing wae...
marmot nanya ka maung
"ari anjeun kumaha sakadang maung?"
ceuk maung bari cengkat lalaunan...
"ah... kuring mah rumasa anak mah ngan hiji....
tapi catet ku kabehan...
hiji oge.....
M A U N G..."

LALAJO MAEN BAL
+ : "Mana karcis?"
- : "Da abdi mah sanes bade lalajo maen bal, Pa."
+ : "Rek naon atuh?"
- : "Bade lalajo wasit. Mingpin pertandinganana jujur teu? Mun teu jujur bade dibaledog!"
+ : "Nyingkah!"

Langganan:
Postingan (Atom)