Rabu, 03 Desember 2008

gehgeran

Mang Nunu katelah jalma nu gehgeran kabina-bina. Basa keur mangku budak di buruan, nempo tatanggana miceun runtah, gancang manehna miceun budak nu keur dipangkuna. Kungsi oge manehna ka pasar tepi ka sapuluh balikan alatan unggal manehna nepi ka pasar panggih jeung tatanggana nu mulang ti pasar,atuh gancang manehna ge milu balik deui.

Sakali mangsa, basa pamajikanana rek ngalahirkeun anakna nu bungsu, manehna kawiwirangan. basa pamajikanana keur ngaheujueun, manehna milu adug lajer ngaheujeun di juru ruangan. Waktu si utun geus kaluar, pamajikanana ngomong ka bidan,"Ibuu,si utunna tos kaluar!!". Na ari celengkeung teh mang Nunu bari semu peura,"Ibuu,nu abdi oge tos kaluar!!" cenah. Bidan ngajawab bari semu nu ambek sabab katempo aya nu namburu di juru, "Sodok we ku bapa!!".

Sigana mah pas milu ngaheujeun mang Nunu teu kaampeuh,teu kuateun nahan nu rek kaluar.

Tidak ada komentar: