Kang, abdi mah ah tara ngawadul kakapeungan dupi akang?
Yi tong sok ngawadul ah pamali bisi kumaonam.. ma oonam mah pan galak.... tong nurutan si akang ano osok .........?
Dupi kang rezanove parantos tuang teu acan nya, aduh allia mah lapar kang hoyong neda. Upami akang parantos tuangna sesana urang parabkeun bae ka [guguk] nya kang. Eta [guguk] ngalebok naon tah? Eh karah kuda teh nyatuan huut. Ari hayam di handapeun kembang rose macokan naon tuh?.
Jang Bapak lapar yeuh cing pangngalakeun heula jengkol, urang dahar jeung sambel suuk dicoel ku jengkol ngora geura moal teu nikmat.
Aing mah geus dahar euy, tadi. Pek we keur maneh kabeh.
Heu heu sukur atuh ari kitumah.. uing lapar pisan lantaran. Keun rek didahar kabeh ah. (tambarakannya?)
Ee aya ua geuning parantos lami wa, iraha datang ?
allia! peletrak kana sirah aya anu nyasar nyut nyut sirah karasa enyut-enyutan bakating ku nyeri. Eta ka ua sing bener nyarita teh uu (uyut) bari ti popolotot nyarios. Hik hik hik ua parantos lami, iraha sumping.... ?
Geus lila nyi ua datang the tadi jam sapuluh meureun....
Euleuh euleuh aya Neng allia geuning iraha sumping...
Ne (nini) tadi jam sapuluhan dongkap teh.. , nene kumaha damang. Heu heu kunaon ieu nene ka allia nyapa make iraha sumping nya?
Ieu nene teh sabenerna tatangga allia rencangna (pembantu) uu. Allia mandang ka nene lantaran yuswa.. nenek ngarasa allia buyut juragannana jadi ngagunakeun kecap sumping.
Tapi jawaban allia ka panyawah aki allia anu masih ngora mah.Tadi jang , kumaha cageur?
(pabaliutnya ?).
Allia iraha datang, mawa naon yeuh ? Teteh nanya ka allia.
Teu ngabantun nanaon Teh mung ieu we iteuk sabebed kanggo nakolan teteh.
Kasimpulannana, kasar heunteuna hiji ucapan teh gumantung ka saha anu disanghareupan ku urang, suasana paguneman, jeung waktuna nya. Ngabahaasakeun keur sorangan jeung anu lian aya bedana saperti bahasa anu digunakeun keur panyawah jeung keur ka juragan, keur kababaturan satingkat lainnya.. Conto lainna sapaerti uing jeung dewek . garihal pisan nya (katinggalna kasar pisan) tapi ari di pake ku sobat mah eta teh nunjukeun hiji hubungan anu kajida dalitna. Tapi lamun allia make aing jeung manehkomo sia mah ka kang rezanove aduuuh panginten peureup kang rezanoc langsung buleud heu heu heu. Terus lamun allia ka panyawah tiba-tiba jang irahasumping,,,, si ujang sok balaham belehem tuh.....Jadi wadul ari ngabahasakeun keur allia soranganamah.... kumaha nya jadina?
Undak Usuk Basa 2
( Nyuplik tina buku Babaran Undak Usuk Basa Sunda
RHI Buldan Djayawiguna
Penerbit Tarate Bandung citakan kadua taun 1986. )
(di serat ulang ku : M Sasmita)
A
abus, asup-lebet.
kuring abus (asup) ka imah - abdi lebet ka rorompok - Bapa lebet ka bumi.
acan, tacan, encan - teu acan
kuring acan dahar - abdi teu acan neda - Bapa teu acan tuang.
acan, anu teu kudu dilemeskeun.
kuring teu boga anak hiji-hiji acan - abdi teu gaduh anak hiji-hiji acan -
Bapa Anu teu kagungan(eun) putra hiji-hiji acan
adi- rai atawa rayi
adi kuring- pun adi ( adi abdi)- tuang rai atawa tuang rayi (rai/rayi Bapa).
tuang rayi bisa oge hartina geureuha anjeuna.
adu, ngadu - ngaben
ngadu domba/kuda/hayam - ngaben kuda/domba/hayam
pangaduan - pangabenan.
aing (basa cohag), dewek - kuring-jisim kuring-abdi-jisim abdi.
ais,ngais- ngemban
kuring/abdi ngais budak- Ibu ngemban murangkalih
ngemban timbalan = ngajalankeun tugas/ parentah.
ajang, keur - kanggo
ajang kuring = keur kuring - kanggo abdi - haturan Bapa.
ajar, ngajar
kuring ngajar ngitung - abdi ngajar ngetang - Bapa ngawulang ngetang
kuring nagajar ngaji= abdi ngajar ngaji - Bapa ngawuruk ngaos.
aji, ngaji
kuring ngaji, abdi ngaji, Bapa ngaos.
akang - engkang
Akang rek indit, Engkang bade angkat..?
upama dina alamat : Kahatur jeng Raka atawa upama rada loma Kahatur Kang
Raka.
aki, eyang - aki kuring, aki abdi - tuang Eyang.
aku, ngaku - ngangken
ngaku baraya, ngangken wargi.
ali, cingcin atawa lelepen,
kuring/abdi make ali, Bapa nganggo lelepen.
alo
alo kuring - pun alo - kapi putra Bapa atawa biasana mah sok disebut tuang
putra.
alus - sae
imah alus, rorompok sae - bumi sae.
ambeh- supaya - supados.
ambek - bendu atawa sewot - wera ( lemes pisan)
ulah ambek/ ngambek - mugi teu janten bendu - kangjeng Raja nuju wera.
ambeu, ngambeu - ambung, ngambung
diambeuan - diambung atawa diambungan, diambung bisa oge hartina dicium.
amit atawa amitan - pamit - permios
amit/ pamit rek balik - permios bade wangsul
anak - pecil atawa seuweu - putra
anak kuring- pun anak - pecil atawa seuweu pun adi - tuang putra.
pianakan - wewetengan ( ulah piputraan)
anggap, nganggap, ngaku - ngangken.
(kintunan ti : Allia)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar